Kamis, 19 November 2009

Dahsyat - Rampak Gendang

Sanggar Tari Fitria berkesempatan untuk mengikuti acara di program Dahsyat RCTI. Berikut foto kenangannya.










































































Selasa, 03 November 2009

Lomba Kaulinan Urang Lembur


Festival perlombaan permainan tradisional sunda akan diselenggarakan di Taman Budaya Dago Teahouse Bandung, 7 - 8 November 2009.
Sanggar Fitria sebagai Kelompok Pemilik dan Pemelihara Budaya Sunda terus konsisten untuk tetap melestarikan budaya Sunda khususnya melalui perlombaan ini berkeinginan untuk memperkenalkan jenis-jenis permainan jaman dahulu yang sekarang sudah tergeser dengan permainan modern.

Tentang permainan tersebut dari http://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_budak disebutkan bahwa:

Kaulinan Budak nyaeta rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.

Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.

Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

Rupa-rupa Kaulinan Budak

Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda.

ambil-ambilan

kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.

anjang-anjangan

kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.

bébénténgan

kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.

béklen

kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.

boy-boyan

kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.

congklak

kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.

cacaburangé

kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.

cingciripit

kaulinan bari kakawihan.

damdaman

kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.

endog-endogan

kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.

empét-empétan

kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.

éncrak

kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)

éngklé

kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun

galah asin

kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.

gatrik

kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.

gugunungan

kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.

hahayaman

kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.

jajangkungan

kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang

luncat tali

kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.

ngadu kaléci

kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.

oray-orayan

kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.

paciwit-ciwit lutung

kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih

pérépét jéngkol

kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.

pelak cau

kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.

sérmen

kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.

sondah

kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.

sorodot gaplok

ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun

ucing-ucingan

kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.

ucing sumput

kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.


---














Gambar diunduh dari http://bandungkotakembang.blogspot.com/

Senin, 02 November 2009

Kemilau Nusantara 2009 (yang tidak berkilau...)

Menyaksikan perhelatan akbar seni budaya Kemilau Nusantara 2009 yang diharapkan mampu menjadi wahana apresiasi budaya masyarakat ternyata menuai banyak keluhan. (PR-http://www.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=news.detail&id=107261)
Rangkaian acara yang berlangsung pada 29-31 Oktober itu adalah kegiatan tahunan Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat dan dilangsungkan di Bandung. Menurut Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan, membutuhkan dana yang mencapai Rp 3 miliar. Dan pada tahun ini, peserta Kemilau Nusantara tercatat 14 provinsi.
Kompas (http://cetak.kompas.com/read/xml/2009/11/02/03522677/kemilau.nusantara.2009.semrawut) dalam beritanya menuliskan bahwa beberapa peserta Kemilau Nusantara 2009 dari luar Jawa Barat mengeluhkan semrawutnya penyelenggaraan acara. Mereka berharap panitia melakukan evaluasi menyeluruh karena bukan mustahil tahun-tahun mendatang tidak ada lagi peminatnya. Kepala Seksi Kesenian Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Timur Arif Rofiq, Jumat (31/10), menilai bahwa penyelenggaraan Kemilau Nusantara tahun ini sangat kacau dan tidak profesional. Panitia penyelenggara dinilai tidak menghargai peserta dari luar Jabar.
Kekecewaanpun menghinggapi kami para seniman yang berada di wilayah Kota Cimahi. Peserta helaran (pawai) yang diturunkan oleh kota Cimahi masih jauh dari harapan. Padahal potensi seni dan budaya di daerah Cimahi sangatlah banyak dan beragam. Ini bukti bahwa pemkot Cimahi masih belum menggali potensi budaya khususnya yang berada di daerahnya. Hayu atuh taun hareup mah urang buktikeun ka masyarakat pak Walkot...