Aslmkmwrwbkth.
Sampurasun, satapak lengkah, sarenghap napas, wujud nu
jadi bukti, saksi rasa nu sarasa, datangna teu di sangka teu di sawang
ngagubrag kana lahunan--
Ibarat bentang ka awang-awang, lir jamparing
langit kolebat lir kingkilaban, pinuh sono wanoh lungguh tur wawuh,
rupining hirup ku cahyaning bodas beureum koneng tur hideung, cing jadi
jati diri nu sajati ngahiji jirim jeung jisim.
Kaweningan galih nu
dipamrih, dada lega lingga murda lenggah ing manah, sajeroning wong
sewang-sewangan. Sing lanang sing wadon, wong tuo darmaning wiwitan,
wong mudo darmaning lakoni, sing kukuh pengkuh jangji ning ati,
pastining nemu hirup hurip waras waluya sajati ning rasa salamina,
sugeng rawuh warsih nu enggal, medal na syawal ngawalan kahirupan, neda
hampura nu di teda wening galih nudi pamrih, nawakup qolbu ku alhamdu
jembar manah nu di teda supados bersih wening lir cai dina kaca piring,
taqobalahuminawaminkum siyamana wasiyamakum.
Wilujeng boboran siam 1433 H.
Hatur punten lahir tumakaning batin.
WassWrWb.
Apih Ajat.